SEKOLAH AR-RAHMAT
Welcome to your TRY OUT Basa Sunda Kelas 9
1. Ku saha ditakolna Lonceng sakola teh
Upacara Bandéra
Anjog ka sakola, loceng geus ngolonang Ditakol ku Mang Dédé, pasapon sakola Barudak lalumpatan paheula heula bari patingjéréwét. Atuh nepi ka pajejel-jejel dina lawang pager sakola. Aya upacara poé éta téh Barudak ngabaris sakelas-sakelas Dédi kabagéan mingpin bansan Usép, Jaja jeung Opik baris di jajaran panghareupna Lilis jeung Nonéng mah barisna téh di jajaran kadua Dibaturan ku Agus, sarua babaturan sakelasna Disambung ku barudak nu sejénna
Katangen barudak Itéh saged pisan miluan upacararia Kabéh murid SD Pasirbatang wajib miluan upacara. Ti mimiti kelas 1 nepi ka kelas 6 Ngabaris luyu jeung kelasna sewang-séwangan Kitu deui ibu jeurng Bapa Guru, sadaya ngiringan upacara bandéra. Ngabaris di payun, disarengan ku Kapala Sakola Teu lila ge, tuluy upacara dimimitian. Kabéh gé saruhud jeung daria pisan dina miluan upacara téh Sanggeustrada lila, tina toa kadéngé aya sora mani ngoncrang
*Pembina upacara, memasuki lapangan upacara, horeng Yatı nu kabagéan jadi protokol upacara
Sanggeus kitu, Bapa Kapala Sakola naék kana podieum Teu lila tuluy narına laporan ti komandan upacara, yén upacara poé Sénén rék dilaksanakeun Nu harita kapeto jadi komandan upacara teh Usman, murid kelas genep. Babaturan
sakelas Dédi "Wah, sok lila biantarana Pa Kapala mah," Agus ngaharéwos ka Opik t tukang
"Heueuh, matak cangkeul bitis," témbal Opik
"Répéh, ulah ngobrol waé, Pik!" rék Lilis bari noél
"Tah, Si Agus nu ngobrol mah, témbal Opik bari nyigeung Agus "Henteu urang mah, ukur ngaharéwos," Agus malik nyigeung.
" Sarua ngaharéwos gé ngobrol, cék Nonéng
"Baé ah," Agus némbalan
"Cicing euy, Pa Kapala ngalieuk ka dieul" cék Usép Tapi angger dibėjaan kitu, Agus kalah némpas
"Lain euy, hayang geura enggeusan uing mah. Cangkeul bitis ari nangtung lila-lila teuing téh
"Sarua uing ge," Jaja milu nyarita
"Naha nya, maké kudu aya upacara sagala, Naon mangpaatna?" cék Agus "Aeh, manéh teu apal kitu, Gus Apan upacara bandéra téh salasahij tarékah dina raraga mikanyaah ka lemah cai," tembal Opik
"Palebah mana mikanyaahna, Pik?" cék Jaja.
"Duka teuing atuh sing mah apal kitu soteh ti Pa Guru, cek Opic teu rnuk-rnuk
"Eta sugan Pa Guru, nyarita naon deur, cek Agus bangun nu panasaraneun "Da ukur nyarita sakitu-kituna harita téh Majar cenah, upacara teh salasahiji cara urang mikanyaah ka lemah cat jeung ngahargaan karia jasa-jasa para
pahlawan Enggeus, teu nerangkeun nanaon deui," témbal Opik Enggeus, ulah ngobrol waé Bisi kanyahoan ku Kapala Sakoia! Lilis ngagebės ti tukang
"Enya, céréwéd pisan kawas awéwé waé, cék Nonéng Jaja jeung Opik, nyeréngéh, da asa kasındıran Agus gé milu nyérengéh deuih, pédah rumasa manehria nu ngarnimitian Sanggeus kitu mah jep wé barudak téh teu ngalobrol deui Ayeuna mah saéréra manco ka hareup Daria naker Ongkoh sarérea gé ngadadak jempling. Da harita téh rék geus waktuna naekeun bandéra
"Hiduplah, Indonésia Raya, satu, dua cek Nining, dirigén rampak sekar "Kepada, Sangsaka Merah Putih, hormaalt, graki" cék Usman, nu kapeto jadi komandan upacara
Barudak bareng ngahormat Bandéra beureum bodas diérét lalaunan Hawar-hawar kadéngé lagu Kabangsaan Indonésia Raya dikawihkeun ku barisan rampak sekar
"Indonésia, tanah airku tariah tumpah darahku. Di sanalah aku berdiri jadi pandu ibuku."
Réngsé barudak ngalagu Indonésia Raya Bareng jeung eureunna barudak nu tiluan ngérék bandéra nepi ka puricak tihang Di luhur, bandera ngélébét katebak angin Warnana beureum bodas. Ciri yen bangsa Indonésia teh boga sipat wanian jeung suci beresih. Meh saréréa barudak taranggah, narempokeun Sanggeus rada lila mah, tuluy maranco deui, ka hareup. Teu lila tuluy Kapala Sakola maca naskah Pancasila, diturutan ku saréréa Ti dinya néma kana biantara Kapala Sakola. Dina biantarana, Kapala Sakola medar ngeunaan pentingna cai keur kahirupan manusa
"Ari ca téh sumber utamana ti alam Ku kituna alam ulah diruksak Upamana nuaran kakaian di leuweung. Kitu deui urang téh ulah miceun runtah sangeunahna. Runtah kudu dipiceun kana tempatna. Tah, husus keur urang, saréréa boga kawajiban pikeun ngajaga kabersihan jeung kaéndahan lingkungan sakola, céuk Kapala Sakola
Barudak dana ngabandungan "Lamun leuweung geus gundul, bisa hésé car Kitu deui mun walungan kapendet ku runtah, di mana usum hujan bias ngabalukarkeun caah Komo deui mun runtahna aya di lingkungan sakola jeung di imah, matak ngaganggu kana kasehatan urang," céuk Kapala Sakola deui, nuluykeun biantararia
Teu lila ti harita, biantara Kapala Sakola rengse Tuluy barudak disiapkeun Geus kitu mah Kapala Sakola ge turun tina podieum, balik deui milu ngabaris eung guru-guru. Sanggeus aya salasaurang murid maca dua, teu lila gé upacara lekasan Barisan upacara ngadadak rame, da barudak galécok sagala diomongkeun Sanggeus aya sababaraha béwara ti guru, bansan upacara dibubarkeun Barudak tingberetek lalumpatan bari patingjéréwét Paheula-heula asup ka kelas
1. punten
1....2....3....4....5....6....7....8....9....10....
1. 2. 3. 4. 5.
2. Ieu mah kaalaman ku alo kuring ngaranna Pepi. Di lembur kuring upama aya hajat budak sunatan biasana sok nanggap kuda Rénggong jeung kuda lumping. Harita basa Pa Haji Ahmad nyunatan putrana Cép Ropiana ogé nanggap kuda lumping. Pepi sumanget lalajo da karesepna ningali kuda lumping téh. Saméméh rombongan kuda lumping diabringkeun ka jalan, maranéhna dijadikeun heula ku dukunna di payuneun buruan pa Haji Ahmad, maksudna dijadikeun téh sangkan kuda lumping-kuda lumping éta téh kasurupan.
Nu dicaritakeun di luhur nyaéta pangalaman.... (nyebutkeun ngaran)
3. Shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjungan urang sadayana nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAWKa asup bagena naon teks biantara di luhur teh.....
6. Eling-eling dulur kabeh Ibadah ulah campoleh Beurang peuting ulah weleh Bisina kaburu paeh. Naon eusi Amanat dina pupujian di luhur....
7. Kaulinan barudak nu sok make tolengkar terus make bola boy disebutna....
Please fill in the comment box below.
You must be logged in to post a comment.