12Jun PSAT BAHASA SUNDA KELAS 11 SMA by aneng roehanah Welcome to your PSAT BAHASA SUNDA KELAS 11 SMA Name kelas 1. 1. Bubuka biantara biasana dieusi ku ... ngucapkeun salam jeung muji sukur ka Gusti ngébréhkeun pamaksudan biantara ngahaturkeun nuhun sarta dipungkas ku salam ngajéntrékeun pedaran/bahasan 2. 2. Ungkara “Sakitu baé anu kapihatur, hapunten anu kasuhun.Wabillahi taufiq wal hidayah,wassalamu’alaikum warrohmatullohi wabarokatuh.” mangrupa..... pangbagéa eusi biantara bubuka biantara panutup biantara 3. 3. Nu teu kaasup téhnik biantara nyaéta ... biantara anu ditalar (ditambul) henteu nyieun naskah heula nyiapkeun gurat badagna hungkul, engkéna dimekarkeun luyu jeung situasi biantara anu disiarkeun dina télévisi biantara anu naskahna dijieun heula terus dibaca dihareupeun balaréa 4. 4. Ratih biantarana langsung, henteu make naskah disebutna téhnik... nalar Nyatetkeun inti maca Nyaritakeun 5. 5. Novel téh kaasup karangan dina wangun…. lancaran pedaran éséy basa kauger 6. 6. Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu supir.“Tah, silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana,” ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé ka Si Jana teh, budak ti Guranteng, ngan wawuhna ukur saliwat.“kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi ragrag!” ceuk Kang Mahmud. “jeung kadé deuih nundutan!”. “moal Mang,” cekéng téh. Kuring dina sempalan novel di luhur nunjukkeun puseur paniten jalma ka…. kahiji katilu kadua kaopat 7. 7. Perhatikeun sempalan warta ieu di handap: Nurutkeun katerangan ti pupuhu MGMP (Musyawarah Guru Mata Pelajaran) Basa Sunda Kabupaten Bandung, Dadang Nurzaman M.Pd. Ieu kagiatan téh geus rutin diayakeun saban taun. Dina nulis warta téh kudu nyumponan hiji rumusan anu disebut 5W+1H. Ditilik tina eusina, pananya anu luyu pikeun eusi warta di luhur nyaéta.... kagiatan naon anu diayakeunana? saha anu méré kateranganana? iraha éta kagiatan téh dilaksanakeun? dimana diayakeunana éta kagiatan? 8. 8. Sisindiran asalna tina kecap sindir anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa .... henteu togmol henteu ngambek togmol murwakanti 9. 9. Lamun hayang ulin beurang …………………………… Lamun hayang hirup senang Ulah daék loba musuh Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan padalisan di luhur nyaéta .... ulah maké kaos lusuh daun hiris nya dideukeutan rarasaan awak lenjang nu diantos henteu datang 10. 10. Dudukuy panjang gagangna pikir bari ngalanglayung Wangsalna: …. Ungkara anu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta .... muyung gayung layung payung 11. 1. Dina prakték biantara aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, naon waé hal eta teh? 12. 2. Unsur-unsur naon anu sok aya dina warta, tataan jeung terangkeun hiji-hijina 13. “Ali Sadikin” Buntut kajadian Gerakan 30 Séptember PKI, kaayan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang keperluan lus-les teuing kamana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang di walungan. Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayan kitu, Presidén Soekarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka. Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan. “Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka. Nu diantos pungak-pinguk, lantaran teu terang téa. Kajadian saterusna, Ali Sadikin diangkat janten Gupernur DKI Jakarta. Bung Karno ngahaja milih ajeunna, lantaran Jakarta butuh pamingpin anu gedé kawani. Ahirna Ali Sadikin resmi diistrénan jadi Gupernur DKI Jakarta April 1966. Réa nu teu satuju, pangpangna para mahasiswa. Sabab dianggap anték-anték orde lama, da apan diangkatna ku Bung Karno. Teu kantos lami Bung Karno lungsur tina kalungguhanana, terus diganti ku Soeharto. Salami dipingpin Ali Sadikin, pangwangunan kota Jakarta kacida majuna. Jalan-jalan aralus deui, gedong sakola terus nambahan. Wewengkon nu tadina kotor, loba nu salin jinis jadi séhat. Geura ulin ka daerah Pluit ayeuna. Saha nu nyangka urut rawa. Nya kitu deui Cengkaréng, Pulo Gadung, Ancol, atawa Kemayoran. Hasil usaha anjeunna jadi daérah pikabitaeun. Malah Ancol mah jadi tempat wisata kacida mashurna. Anjeunna salasahiji pamingpin anu enya-enya merhatikeun kana kagiatan budaya, bisa mokalan nyieun kasenian daérah, nyaéta Déwan Kasenian Jakarta (DKJ). Lengkep jeung tempat para seniman némbongkeun karya-karyana: Taman Ismail Marzuki téa. Naha Ali Sadikin ngarasa reuwas basa diangkir ka Istana Merdéka? Kumaha hasilna Ali Sadikin salila mingpin Jakarta téh? Naon hartina diistrénan (aya dina paragraf katilu)? 1................2...............3................ 14. 1. Karangan rekaan ( fiktif) wangun prosa lancaran anu ukuranna panjang disebut.... 15. 2. Tulisan anu nyaritakeun sejarah riwayat kahirupan sorangan nyaeta 16. 3. Tulisan anu eusina mangrupa carita ngenaan kahirupan hiji jalma/ tokoh disebut.... 17. 4. Inti pikiran atau puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut.... 18. 5. Ngaran-ngaran, boh ngaran sastoan, ngaran jalma anu ngalalakon dina hiji carita disebut... 19. 6. Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna.... 20. 7. Media elektronik anu biasa digunakeun keur nepikeun iber ka balarea nyaeta.... 21. 8. Hiji jalma anu jadi panengah atawa pingpinan sidang boh dina rapat atawa diskusi, anu ngajejeran pasualan diskusi jeung ngatur padungdengan disebut.... 22. 9. Lamun aya nu keur biantara kudu repeh, ulah recet kitu! Kecap repeh dina kalimah diluhur ngandung harti.... 23. 10. Adat kabiasaan anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masyarakat disebut..... 24. Neguh gambar   Tebak Gambar 25.   Gambar ieu nuduhkeun kegiatan naon? 26.  Gambar ieu nuduhkeun nuju kagiatan naon 27.  Naon ngarana kadaharan ieu? 28.   Tebak Gambar 29.   Tebak gambar 30.  Ngajodokeun1............2.........3.........4.........5.........6.........7..........8. ......9..........10........ Please fill in the comment box below.